Thursday, 2 March 2017

Humor Sunda 1

PAMEGET IDAMAN...!

Icih: “Akang damel dimana?  gajih sareng tunjangan sabaraha..?”

Udin: “Ah…abdi mah mung karyawan neng....gajih 5 juta sabulan...tunjangan 10 juta saminggu...”

Icih: (WOW... Konglomerat pasti!) “Akang linggih dimana…?”

Udin: “Kuningan neng...”

Icih: “Wooow kereenn...pasti ageung bumina nya...?

Udin: “Henteu ah neng... biasa weh…mung 10.000 m²...”

Icih: “Wah hebat…! Pasti mobilna seueur nya...?”

Udin: “Sakedik ah...mung Ferrari, Jaguar, Mercedes, Lamborghini...”

Icih: (Wah pameget idaman abdi yeuh!!) “Akang tos gaduh istri...?

Udin: “Hmm... teu acan neng... hehe...”

Icih: (Asik oge yeuh lamun abdi janten istrina...) “Akang ngaroko..??

Udin: “Henteu neng...pan roko mah awon kanggo kasehatan...”

Icih: (Wah sehat yeuh!) “Akang sok ngaleueut minuman keras..?”

Udin: “Henteu atuh neng...!!!”

Icih: (Gilee...Cool abissss!!) “Akang sok maen judi??”

Udin: “Henteu...kanggo naon judi…nyeepkeun artos…!!”

Icih: (Ooohhhh... So sweett...) “Akang osok dugem…??”

Udin: “Tara tara ah neng...”

Icih: (Iihh... pameget sholeh!) “Akang tos naek haji?

Udin: “Nya... nembe 3x sareng umroh janten 6x...”

Icih: (Subhanallah calon surgawi...) “Hobi akang naoh sih…?”

Udin: "Ngawadul…!!!”

🙏🙏🙏

No comments:

Post a Comment